LIRIK LAGU SAMARANG BETAH - LAGU SUNDA

Hayu urang sasarengan di ajar lagu sunda asal ti Samarang, 

ieu di handap lirikna nya bageur, yuk urang di ajar nyanyi :D

SAMARANG BETAH

Cipt. R. Mamat

Betah, Betah, Betah Samarang betah
Imah pakarangan di pasar di jalan
Kantoran kantoran estu leurning bersih
Tempat anu bersih pikeun kasehatan
Mutuh Matak betah katinggalna endah

Tata pangaturan tata kahirupan
Tara pasalia saban widang tartib
Peuting teu haringhang beurang teu hariwang
Teu aya ka rempan salawasna aman

Pengkuh iman takwa, Sehat lahir batin
Cukup sandang pangan, Hirup mangka hurip
Bersih Endah Tartib Aman Hurip
Hareupan Sarerea....

Hayu tandang warga samarang
Ngaraksa Ngariksa Samarang Betah
Hayu Tandang warga samarang
Ngaraksa Ngariksa Samarang betah


pami aya panulisan anu lepat nyuhunkeun koreksina, mugia panulisan lirik lagu ieu tiasa manfaat kangge urnag sadayana, ameh urang orang samarang mengenal lagu asal daerah na nyalira :D

Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "LIRIK LAGU SAMARANG BETAH - LAGU SUNDA"

Posting Komentar